Pesta Olahraga Tradisional Mémériahkeun Milangkala ka-13 Kabupatén Pangandaran

Dina raraga mémeriahkeun Milangkala ka-13 Kabupatén Pangandaran, pamaréntah ngayakeun Festival Olahraga Tradisional pikeun tingkat SD jeung SMP nu dilaksanakeun di Alun-alun Parigi, Kemis 16 Oktober 2025. Kagiatan ieu ngeusi rupa-rupa cabang olahraga karuhun saperti Tarumpah Panjang, Egrang, Hadang, Dagongan, jeung Sumpitan. Ratusan murid kalawan sumanget jeung kabagjaan milu ngalakukeun pertandingan, nepi ka ngajadikeun suasana Alun-alun Parigi rame ku sora tawa jeung sorak-soray nu ngeunah didéngé.
Teu ngan ukur para peserta nu kabita, tapi ogé masyarakat sabudeureun alun-alun katingali kabungahna ningali kaulinan tradisional nu sakitu ngébréhkeun rasa cinta ka budaya sorangan. Unggal lomba nu dilaksanakeun nyangking deui émutan heubeul, nalika kaulinan tradisional téh janten hiburan anu ngaraketkeun duduluran, gotong royong, jeung silih asah-asih-asuh di tengah masarakat.
Dina jaman kiwari, loba olahraga modéren saperti futsal, mini soccer, jeung paddel nu narik perhatian barudak ngora. Sanajan kitu, festival ieu janten pangéling yén olahraga tradisional téh lain saukur kaulinan, tapi mangrupa warisan budaya anu kudu dijaga jeung dilestarikeun. Mugia ku kagiatan sapertos kieu, barudak urang bisa nerapkeun nilai-nilai sportivitas, kabersamaan, jeung rasa reueus kana budaya Sunda anu adi luhung. Hayu urang babarengan ngajaga jeung ngalestarikeun olahraga tradisional minangka pusaka karuhun anu mulya!
https://portal.pangandarankab.go.id
Poto : Disdikpora
Tulisan : Diskominfo